BABATURAN SD
BATURAN SD NAMA : GHINA AULIA KELAS : X-8 MAPEL : BAHASA SUNDA Basa uing SD Uing boga babaturan nu kacida loba na aya mereun 9 urang, ka mana-mana rereujengan di sakola oge sok nongkrong rejeng. Basa balik sakola urang sok nongkrong di imah salah sahiji batur anu ngabogaan warung, didinya urang carita-carita nanaon bae anu bisa di carita keun, aya hiji masa uing jeng babaturan uing pasewot-sewot pedah paribut lalaki, kagugu pisan mun di inget inget mah, cees teh ka belah dua aya nu ngilu si itu aya nu ngilu ka uing. Duh riweuh pisan pokonamah, padahal mah si lalaki nage da hente bogoheun haha. Ayeuna uing geus hnt deket deui jeng 9 urang eta, kawas namah pedah beda sakola, rada saredih nyah batur Sa loba kitu ceesan hampir 8 taun kudu papisah kitu. Padahal mah baheula pernah ngomong ceunah mah rek babaturan nupi ka kolot.